Riwayat Mama Ahmad Syatibi Gentur, Cianjur


Mama Ajengan Ahmad Syatibi Gentur, Cianjur eta salah sahiji sosok ulama tanah pasundan anu Al-Alim Al-Alamah Al-Kamilil-WaraAnjeunna jumeneng dina pertengahan kurun ka tilu belas hijriyah (13 H), teu ka uningakeun taun kalahirannana mah. Tapi anu jelas anjeuna masih keturunan Wali Agung Syeh Abdul Muhyi Pamijahan.

Mama Gentur waktos murangkalihna namina Agus, saparantosna mulih ti Mekkah digentos ku nami Dagustani, namung katelahna ayeuna nyaeta Al-Alim Al-Alamah Syeh Ahmad As-Syatibi atanapi Mama Gentur ceuk urang sunda anu janten anak muridna.


Khobar ti KH. Emed Cimasuk Garut, saurna kieu:

Waktu kaula ziarah ka Mama Gentur, Anjeunna ngalalakonkeun nyaeta : “Baheula Mama tina pohara hayangna boga elmu anu gede tapi Mama asa poekkeun milih guru, jeung kasaha kudu ngaji teh? Nya teras Mama berangkat ziarah kubur ka Wali Luar Batang Jakarta didinya Mama ngaos Shalawat Nariyah 4444 balikan meunang 44 kali tamatan dina waktu dalapan bulan teras Mama ngimpen tepang sareng Wali Luar Batang sareng ngadawuhkeun kieu : ‘Lamun maneh bener hayang boga elmu gede jug gera indit ka daerah Garut’”.

Saterasna Mama ngawitan berangkat ka Pasantren Keresek, pidawuh Ajengan Keresek : “Lamun ujang hayang hasil elmu gede mah isuk ku Mama dianteurkeun ka pun paman nyaeta pangersa ajengan Muhammad Adzro'i di Bojong sabab dina waktos ieu para sepuh anu baroga elmu galede di tiap kabupaten oge lolobana ti pun paman nyaeta Syeh Muhammad Adzro'i Bojong Garut”. Mama gentur kenging sawengi nginep di Keresek, enjingna teras dijajapkeun ka Pasantren Bojong.

Kacarioskeun waktos ngawitan lebet ka pasantren, ku guru di pasantren di sumpah bilih ngagem elmu sihir, teras Anjeuna ngalaksanakeun sumpahna tanda teu ngagem elmu sihir. Saterasna di tampi kalayan janten murid di pasantren. Ari barang tuangna salami di pasantren cekap ku taleus anu dicocolkeun kana sambel roay, tara pisan enak-enakan ku rupi-rupi katuangan. Upami mendak masalah kitab anu teu acan ka hartos sok teras ngahadiahan mualifna ku katuangan jeung ku Aurod Shalawat.

Nembe 40 dinten di bojong, Anjeunna parantos ka talar kitab Nazom Yaqulu, Kailani, Imriti, Alfiyah, Samarqondy jeung Jauhar Maknun. Kaunggulan Pasantren Bojong Garut nyaeta para santri anu belajar di pasantren eta dimana tos dua taun mangka jaranten Al-Alim Al-Alamah.

Mama Gentur netep di Pasantren Bojong mung kenging sataun dugika akhir bulan Sya'ban margi dipiwarang Syeh Adzro'i nyarengan Kiyai Rusdi ngaos ka Pasantren Gudang Tasikmalaya. Ari Kiyai Rusdi teh nyaeta santri Bojong anu waktos Mama Gentur ngawitan mondok di Pasantren Bojong, Kiyai Muhammad Rusdi  tos tilu taun ngaos didinya. Padahal dua taun oge Kiyai Rusdi  the ku Syeh Adzro'i parantos dipiwarang ngamukim mung ramana teu acan nyatujuan.

Mama Gentur tos kenging sataun di Bojong sareng Ajengan Muhammad Rusdi campleng opat taun, tidinya duanana dipiwarang ngaos ka Mama Syuja'i Gudang Tasikmalaya. Dawuh Mama Gentur, ari Mama Gudang lamun ngawuruk dipayuneun Kiyai Rusdi akeutna sok noroktok sareng ngadegdeg bakating ku risi ku elmuna Ki Rusdi. Malihan Mama Gudang ngadawuh ka Mama Gentur : "Caritakeun ka Ki Rusdi gera mukim kituh, Kapan ku Kang Adzro'I oge tos dipiwarang jeung tos aya dina Ridho Guru". Namung weleh anu janten ramana Ki Rusdi teu acan keneh nyatujuan.

Teras Kiyai Rusdi saparantos mondok di Gudang teras ngalih deui ka Kiyai Muhammad Shoheh Bunikasih Cianjur anu di sebat Ba'dul Ikhwan ku Syeh Ibrahim Bajuri dina kitab Tijan,  margi Syeh Shoheh sareng Syeh Adzro'i eta ngaosna sami ti Syeh Ibrahim Bajuri.

Ari Mama Gentur mah teras wae netep di Gudang dugi ka salapan taun. Waktos masantren di Gudang, Anjeuna kantos ngersakeun ziarah ka makam di Geger Manah. Sateuacana angkat ziarah, Anjeuna saum heula 40 dinten, Nembe teras Anjenna berangkat ka Geger Manah ngabujeng ka juru kunci makam. Teras linggih dibumi kuncen, lajeng Mama ngutarakeun pamaksadannana ka kuncen, nyaeta maksad bade ziarah tabaruk dimakam karamat. Saterasna Mama dijajapkeun ka eta makam. Kinten jam opat subuh Mama mulih ti makam ngabujeng deui ka kuncen, lajeng ku kuncen disuguhan kurupi-rupi katuangan. Saparantos salse tina barang tuang, lajeng Anjeuna naros ka kuncen: "Mang wengi aya hujan kadieu? ", waler kuncen: "ah teu aya, naha aya naon ajengan?” kuncen semu heran. “Waktos abdi dimakam nuju ziarah der teh hujan ageung dordar gelap sareng angin anu pohara ngagelebugna katingalna ku abdi tangkal kayu anu sakitu gedena meni nguyupuk kana tanah siga anu rek rungkad” waler Mama Gentur. Saur kuncen: "teras aya naon deui?", waler Mama Gentur: "ah rahasia teu sanggup ngabejakeun nana”. Dina eta wengi saur ahli kampung aya suara hayam kongkorongok karungu ku sadayana sedengkeun di eta kampung teu aya anu gaduh hayam anu model kitu suarana. Sadayana pada kaget ku eta suara hayam, teras disaridikkeun timana eta bijilna suara. Ari pek teh tetela pisan yen eta suara hayam teh ti luhur pasir tempat makam anu di ziarahan ku pangersa Mama Gentur tea.

Saparantos kenging salapan taun di Gudang, teras Mama Gentur berangkat ka Mekkah ngaos ka Syeh Hasbullah. Mimiti ngaji di Syeh Hasbullah, Mama teh pada nyapirakeun. Hiji waktos, Syeh Hasbullah ngadawuh ka para muridna, mun ceuk sunda mah kieu: "isukan poe rebo urang ngaji kitab tuhfah muhtaj, tapi muthala'ah heula ku sararea, hasil muthala'ahna tuliskeun dina buku masing-masing, jeung isuk kudu haladir sararea barawa hasil tulisanna”.

Enjingna Syeh Hasbullah mariksa buku para muridna. Barang ret ningal buku tulisan Mama Gentur, Syeh Hasbullah ngahuleng, teras buku Mama dipisahkeun ku Anjeunna, teras Syeh ngalanjutkeun deui pamariksaan ka murid nu sanesna. Saparantos beres mariksa, syeh Hasbullah ngadawuh: "ngaji Tuhfah moal tulus lantaran teu pantes Syatibi ngaji ka kaula kuduna oge kaula nu ngaji ka Syatibi, lantaran anu acan katepi kamuthala'ahan ku kaula dina buku Syatibi geus aya. Kaula teu wani naswirkeun kitab dihareupeun Syatibi. Kumargi sadayana pada nyuhunkeun diteraskeun, oge Mama unjukan supados diteraskeun ngaosna, sanaos nu diaos ukur lafadzna wungkul. Akhirna Syeh Hasbullah kakara kersa mung ukur lafadzna wungkul dugi ka tamatna. Dawuh Mama Gentur: " elmu anu dipake muthala'ah kitab tuhfah eta tina sapalihna elmu anu katampi ti syehuna bojong".

Waktos di Mekkah Mama Gentur sok ngersakeun shalat di payuneun Baitullah, para askar tos pada arapal ka Mama, maranehna sok maparin isyarat ka jamaah anu sanesna supaya aya tata hormat ka Mama, bari ngucapkeun: "hadza ulamaul jawa".

Saparantosna lami di Mekkah teras Mama Gentur berangkat ka mesir maksad neraskeun thalab elmuna, namung ulama mesir pada ngadawuhkeun: "geus teu aya pigurueun pikeun Ahmad Syatibi mah". Mama uih deui ka Mekkah nepangan hiji ulama ahli Qiro'at Quran ti Indonesia keneh anu tos mukim di Mekkah, nyaeta ti Pulau Bawean, teras duanana silih guruan, Mama Gentur ngajar elmu mantiq ulama Bawean ngajar elmu qiro'at.

Saparantosna Mama Gentur mukim di Mekkah kenging tilu taun, saur hiji riwayat teras aya utusan ti Syeh Shoheh Bunikasih Cianjur, dawuhna: "bejakeun ka Syatibi gera balik jeung gera mukim di cianjur sabab di daerah pasundan geus moal aya anu kuat jadi lulugu ngamalkeun elmu anu sabenerna”. Teras Mama Gentur mulih ka Cianjur ngalanjutkeun ngaos ka Syeh Shoheh Bunikasih, teras Mama mukim di Gentur. Sateuacan mukim, Mama Gentur ngaos Shalawat Nariyah heula 4444 wangsulan supados mukimna dipaparin tambihan elmu sareng tambih-tambih manfaatna.

Ari ahwalna tegesna pertingkahna Mama Gentur dina nyebarkeun elmu eta teu pati-pati nyebarkeun ka muridna iwal parantos dipidamel ku Anjeunna. Mama nyebarkeun shalawat kanggo umum parantos dipidamel heula salami 40 taun. Waktos Mama disuhunkeun ngaos kitab Tuhfah Muhtaj, sateu acan diwurukeun disauman heula 40 dinten. Ari katuangannana cekap kana mangkok sareng uyah. Anjeunna tara pisan enak-enakan, sakumaha kaayaan nuju nyantri dipasantren we. Dina hiji waktos Mama khusus diulem barang tuang ku Om Muharam, nyaeta menak Cianjur anu kaya-raya. Sagala rupi katuangan sareng inuman disayogikeun, namung anu dituang ku anjeunna mung ukur nyocolan uyah. Kaayaan kitu teh salawasna. Paling sakali waktos tuangna teh sareng pepes burayak hasil ternak anjeuna, margi padamelan kasabna sok megarkeun endog lauk janten burayak. Malihan dina hiji waktos Mama Gentur megarkeun endog lauk dibalong. Pas parantos megar, janten burayakna teh teu cara ti sasari, waktos harita sadayana binih burayak kacida pisan mulus sareng seu’eurna. Tidinya Mama nyauran padamelna anu jenengan Ki Yusuf, dawuhna: "suf, kadieu bawa pacul teh ", saur Ki Yusuf: "bade aya pikersaeun naon Mama?", Dawuh Mama Gentur : "wayahna eta tamakan balong gali jeung dodorkeun", waler Ki Yusuf : "atuh panginten palid burayakna ?", Dawuh Mama Gentur : "enya ngahaja sina palid lantaran alus teuing, bisi istidraj karana rumasa Mama teu bisa ibadah". Pas parantos seep satengahna nembe Ki Yusuf dipiwarang ngaruang deui galian.

Kacarios waktos Mama Gentur nuju ngawuruk para santrina sareng para sepuh anu biasa sok ngaos rutinan, tidinya dongkap ka Mama utusan ti pamarentahan Kolonial Belanda, Mama diulem kedah hadir dina diskusi program perpolitikan Belanda. Waktos harita Mama Gentur nyelang heula ngahadiran teu disarengan ku saha-saha. Teu kantos lami Mama tos sumping deui ka madrasah maksad bade neraskeun hanca anu dikantun. Para santri anu nunggu-nunggu hoyong terang pembicaraan naon anu di diskusikeun ku kaum Belanda, tapi Mama Gentur weleh teu ngawartoskeun sakecap-acan. Ieu ciri tawis Mama Gentur teu ikut-ikutan dina soal politik, dugi ka Mama teh kenging penghargaan kaamanan ku tanda bulan bintang tilu ti Wihalminak nyaeta Gubernur Hindia Belanda.

Di jaman pamarentahan Jepang Mama Gentur kenging hadiah ti Kaisar Tenoheka, kumargi idiologina Mama murni ngamalkeun ajaran agama, teu maksad nyampurkeun politik sareng agama.

Mama Gentur ngarang rupi-rupi kitab kirang langkung 80 kitab bahasa arab sareng sundana, di antarana nyaeta Sirojul Munir sareng Tahdidul Ainain dina elmu fikih, sareng Al-Mukadimah Samarkandiyah, Al-Fathiyah, sareng Dahlaniyah dina elmu bayan, sareng kitab Nadzom Addudiyah dina elmu munadzoroh, sareng seu'eur deui anu sanesna. Sapalih karangannana dina elmu bayan aya anu nyebar dugi ka tanah Arab. Para ulama Mesir pada ningali kana eta karangan, sarta ngalem bari pada ngucap: "gening di tanah jawa oge bet aya ulama anu pinter kana elmu" .

Mama Gentur wafat dina dinten Rebo 14 Jumadil Akhir 1365 H atanapi 15 Mei 1946 M.

Related Posts:

0 Response to "Riwayat Mama Ahmad Syatibi Gentur, Cianjur"

Posting Komentar

Komentarna Sing Sopan Nya!